Sangkuriang Nation Padel Club

Join Club


· 508 members · 10 activities

Wilujeng sumping wargi Jawa Barat!
Keur néangan tempat smash anu asik tapi tetep aesthetic?
Ieu pisan tempatna.

Urang teh komunitas anu:
*Yang di peta aya di handapeun Ibu Kota: Enya, Bandung core pisan!

*Yang Gemah Ripah Repeh Rapih: Sagala aya, sagala rapih, ngan hiji nu kurang... nyaéta anjeun acan gabung!

*Yang Karasep jeung Gareulis: Dijamin, skor mah nomer dua, nu penting mah post heula dina Story Instagram bari seuri manis.

*Yang Jajaka jeung Mojang Priangan: Anu katingalina mah kalem, tapi pas geus nyekel rakét mah langsung berubah jadi "Sangkuriang" keur ambek, tapi tetep sopan!

Lets Grow Together!
(Wah bisa gening enggres).

Ti mimiti nu nanya
"Ieu teh beneran bet pingpong raksasa?" (Newbie), nu geus rada bisa gaya (Beginner), nu geus mimiti loba gaya (Upper Beginner), nepi ka anu pro...
Sadayana welcome!

Urang ulin bareng, seuri bareng, bari olahraga meh teu jompo teuing.


Markas Utama:
**The Grande Padel Avenue**
Jl. Raya Taman Kopo Indah II, No. 73B
(Asupna ti payun Griya TKI, tong nyasab ka Gunung Tangkuban Parahu nya!)

Smesh-na tarik, silaturahmina leuwih tarik!